Pages

20 Feb 2011

Lalampahan Abah Sastra

Abah Sastra, bapana Marhaya anak Banjaran bandar samangka. Abah Sastra basa garwana aya maksad hajat, kapaksa ngala nangka ka Majalaya sabab aya nangka ngajajar dalapan tanggal na sawah saat. Abah Sastra gancang mawa karanjang datang ka sawah saat sabab Abah Sastra nyangka nangkana arasak sarta baradag.

18 Feb 2011

Ganti Template

Paciweuh nyiar témplate pikeun dipaké dina blog ieu, tungtungna mah nyiar di Mbah Google ngeunaan cara jeung katangtuan pikeun nyieun témplate. Nya manggihan dina sababaraha artikel nu beunang dipercaya pikeun ngarobah témplate. Ayeuna jadi kieu da dumasar kana naon nu dibaca ku simkuring jeung téori ngeunaan html sarta css.

2 Feb 2011

Asmarandana

Daripada bingung mikiran béas jeung nagara, mending urang diajar hahariringan, sugan wé atuh saeutikna rada kaubaran ieu haté téh. Sok rajeun inget baheula keur di sakola, aya pelajaran basa Sunda, lumayan aya kakawihan nu asup kana guguritan.