Pages

20 Feb 2011

Lalampahan Abah Sastra

Abah Sastra, bapana Marhaya anak Banjaran bandar samangka. Abah Sastra basa garwana aya maksad hajat, kapaksa ngala nangka ka Majalaya sabab aya nangka ngajajar dalapan tanggal na sawah saat. Abah Sastra gancang mawa karanjang datang ka sawah saat sabab Abah Sastra nyangka nangkana arasak sarta baradag.

18 Feb 2011

Ganti Template

Paciweuh nyiar témplate pikeun dipaké dina blog ieu, tungtungna mah nyiar di Mbah Google ngeunaan cara jeung katangtuan pikeun nyieun témplate. Nya manggihan dina sababaraha artikel nu beunang dipercaya pikeun ngarobah témplate. Ayeuna jadi kieu da dumasar kana naon nu dibaca ku simkuring jeung téori ngeunaan html sarta css.

2 Feb 2011

Asmarandana

Daripada bingung mikiran béas jeung nagara, mending urang diajar hahariringan, sugan wé atuh saeutikna rada kaubaran ieu haté téh. Sok rajeun inget baheula keur di sakola, aya pelajaran basa Sunda, lumayan aya kakawihan nu asup kana guguritan.

29 Jan 2011

Konversi PDF Ka Word Haratis

Bingung mindahkeun format pdf kana word, txt, rtf, jeung sajabana? ulah rémpan deui, ieu aya software pikeun mindahkeun format pdf kana sababaraha format. Ieu software dingaranan PDFZilla, ukuranna sekitar 6.029 kb, lumayan leutik tur rada gedé mangpaatna

28 Jan 2011

Bahasa Ibu

Bahasa daérah dina Bahasa Indonésia sok disebut ogé “Bahasa Ibu”. Hal ieu nuduhkeun yén bahasa daérah dikembangkeun ku ibu atawa indung urang di lingkungan kulawarga. Ti mimiti gubragna urang lahir ka alam dunya nepi kiwari indung mémang biasana nu leuwih deukeut jeung budakna. Otomatis kabiasaan ogé nuturkeun kabiasaan indungna atawa kolotna.

27 Jan 2011

Ngawitan Deui...

Sabada sawatara waktos teu tiasa aktif deui dina blog, ayeuna mugia tiasa ngalakonan deui ngadamel tulisan-tulisan dina ieu blog. Sono ari ku sonona mah da kumaha ari waktosna nu teu aya mah... Mudah-mudahan kapayunna mah tiasa langkung aktif deui dina ngeusian ieu blog. Atuh mugia ieu blog tiasa kaala mangpaatna keur urang sadaya.