Pages

2 Feb 2011

Asmarandana

Daripada bingung mikiran béas jeung nagara, mending urang diajar hahariringan, sugan wé atuh saeutikna rada kaubaran ieu haté téh. Sok rajeun inget baheula keur di sakola, aya pelajaran basa Sunda, lumayan aya kakawihan nu asup kana guguritan.
Urang guar deui bari nginget-nginget éta pelajaran, sugan wé haté téh kahibur deui.

Dina pupuh aya istilah guru lagu jeung guru wilangan. Aku dimaksud guru lagu nyaéta sora vokal dina engang panungtung. Ari anu dimaksud ku guru wilangan nyaéta jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan dina unggal pada. Nurutkeun wincikanna, pupuh téh aya tujuh welas, masing-masing ngabogaan watek anu béda-béda.

Contona:

éling-éling mangka éling
rumingkang di bumi alam
darma wawayangan baé
raga taya pangawasa
lamun kasasar lampah
napsu nu matak kaduhung
badan anu katempuhan

Watek pupuh asmarandana nyaéta silih asih, silih pikanyaah, atawa bisa ogé keur mépélingan urang. Dina pupuh asmarandana ieu unggal pada diwangun ku tujuh padalisan sakumaha diguar dina conto diluhur.

Hiji heula wé ayeuna mah... engké sugan kapayunna urang guar deui nu séjénna. Ayeuna mah apalkeun heula pupuh diluhur cing apal.

0 komentar:

Posting Komentar

Catatan: Hanya anggota dari blog ini yang dapat mengirim komentar.