Pages

18 Feb 2011

Ganti Template

Paciweuh nyiar témplate pikeun dipaké dina blog ieu, tungtungna mah nyiar di Mbah Google ngeunaan cara jeung katangtuan pikeun nyieun témplate. Nya manggihan dina sababaraha artikel nu beunang dipercaya pikeun ngarobah témplate. Ayeuna jadi kieu da dumasar kana naon nu dibaca ku simkuring jeung téori ngeunaan html sarta css.

Témplate ieu sanajan katingalina mah meujeuhna, ngan ceuk kuring mah katingali goréng pisan. Ngagunakeun 'sidebar' biasa di beulah kénca tur 'sidebar' nu napel kana kotak postingan di beulah katuhu kalayan duanana bisa ditambahan ku 'widget'. Ngan sidebar nu beulah katuhu mah can kapanggih kumaha carana sangkan bisa miceun 'widget' nu napel dina postingan. Ieu gambarna:

Najan sakitu ogé geus lumayan wé da ieu mah hasil sorangan nu munggaran kalayan murni maké css jeung teu maké gambar naon-naon saeutik ogé. Ari ngaran-ngaran meunang sorangan, nya tangtu loba pisan kakuranganna. Tapi paréngkéné kitu, ieu témplate bisa dijadikeun hiji kabungah yén kuring geus lumayan aya kamajuan najan saeutik... :).

Pikeun nyieun témplate kalawan 'sidebar' napel kana kotak postingan, bisa maké kodeu-kodeu css tur baris dipedalkeun dina postingan kahareupna.

0 komentar:

Posting Komentar

Catatan: Hanya anggota dari blog ini yang dapat mengirim komentar.